GALURA-Saurang lalaki di wewengkon Kabupaten Kuningan, ngaran inisial AR (57), dicerek pulisi.
Kacerekna teh di imahna, Desa Purwasari, Kecamatan Garawangi, Kabupaten Kuningan, Rebo, (1/2/2023).
Baca Juga: Beja Aya Budak Nu Diculik Semet Hoax, Kapolresta Bandung Menta Masarakat Wijak Ngagunakeun Medsos
Unit Perempuan Perlindungan Anak (PPA) Satreskrim Polres Kuningan, nyerek AR, lantaran diduga milampah anu teu uni.
Nu jadi korbanna, saurang budak awewe anu umurna tacan dewasa.Baca Juga: Kahuruan di Kabupaten Bandung, Rata-Rata Sapoe Sakali
Tacan eces gekgekanna, naon anu dilakonanna, kumaha kasang tukangna, nepika AR tega milampah kitu.
Nu eces, ieu kajadian jadi kembang carita hususna di lemburna.
Pihak kapulisian masih keneh ngayakeun pamariksaan ngeunaan naon-naon anu ku kungsi dilakonan ku manehna.
"Masih pamariksaan. Korbanna saurang, ke ngantos hasil pamariksaan," ceuk Kasat Reskrim Polres Kuningan, ka wartawan.
***