Ketak Pemprov Jawa Barat Dina Nangtayungan Observatorium Boscha, Ridwan Kamil : Ulah Kaganggu Kapentingan Saa

- 31 Januari 2023, 20:20 WIB
Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil
Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil /DOK AJUN MAHRUDIN/

GALURA-Pemprov Jawa Barat  baris nyieun mekanisme hukum, keur ngatur jeung ngajaga Observatorium Boscha, di Lembang Kabupaten Bandung Barat.

Kaputusan Pemkab KBB, ceuk Ridwan Kamil, baris dikuatan deui ku SK ti Pemprob Jabar, sangkan leuwih kuat payung hukumna.

Poe Senen   (30/1/ 2023), Observatorium Boscha umurna panceg 100 taun, dipieling, diluuhan ku Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil.

Baca Juga: Usum Ngijih, Peternak Jangkrik di Kuningan Elat Panen, Tri : Kudu Leuwih Tulaten

“Ku mieling 100 taun Observatorium Boscha, dipiharep mampuh ngajawab kacerdasan manusa nu bakal datang, teu bisa diukur ekonomi wungkul,” ceuk Ridwan Kamil.

Ridwan Kamil meredih, Observatorium Boscha, salilana kudu dijaga jeung dirawat.
Ulah diganggu kapentingan saayeunaeun, kudu mikir pikeun kahareupna.

Baca Juga: Elang Jawa Jelita jeung Parama Dikencarkeun di Wewengkon TSI Cisarua Bogor bari Dpasangan GPS

Ceuk Kang Emil, nenehna tina Ridwan Kamil, Observatorium Bosha teh strategis, aya di ekuator nu bisa ngimeutan langit di wewengkon kaler jeung langit di pakidulan.

 

"Kawilang nguntungkeun keur ngimeutan sarupaning benda nu aya di luhur langit,”pokna.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x