Nalika fase puncak haji, nyaeta wukuf di Padang Arafah, jadi rohang introspeksi diri tumali jeung eksistensi manusia minangka mahluk nu lemah.
Introspeksi atawa mawas diri bisa mibanda harti ngalenyepan atawa koreksi kana laku lampah, sikep, kalemahan, kasalahan, jeung sajabana sipating manusa.
"Manusa teu daya upaya, taya rasa ngaboga-boga duniawi, sabab eta sakabehna teh mungguh bogana Allah SWT,” pokna, waktu dikolongan di Ponpes Roudlotul Ulum, sawatara waktu kaliwat.
Ceuk KH Ubaidillah, dina Kitab Ihya Ulumudin, Imam Al Ghazali mertelakeun, “Lakonan muhasabah diri samemeh engke jaga urang dihisab. Timbang heula laku lampah urang samemeh engke ditimbang.”
Demi muhasabah jeung tobat, duanana teu bisa dipisahkeun, sabab tobat teh minangka koreksi kana sagala laku lampah atawa sikep diri nu geus kungsi dilakonan, dibarung ku rasa narima salah.
Baca Juga: Yudi Guntara Umajak ka Bobotoh, Mere Rojongan Positif Malar Persiib Jadi Juara BRI Liga 1
Tah, ti awal niat rek munggah haji, ulah ieuh ngocapkeun kagorengan, milampah nu teu hade (rafats), ulah jadi jalma nu pasek, jeung ulah silitembal parea-rea omong.
"Mun eta sakabehna dilakonan kalawan ihlas, tur ukur miharep rido Allah, urang baris meunang pangampura sarta dipaparin nikmat sorga sakumaha jangji Allah SWT ka jalma-jalma nu ngahontal haji mabrur,” ceuk KH Ubaidillah.
Satuluyna manehna ngeceskeun, minangka puncak ibadah haji, wukuf di Arafah ge tetela leubeut ku makna jeung hikmah, salasahijina ajen-inajen moral nu luhung.