Mieling Hari Lingkungan, Nyisir Runtah, Pameran jeung Nukeurkeun Runtah

6 Juni 2023, 11:45 WIB
Patugas keur nimbang runtah, di Pandapa Paramartha, sabudeureun Komplek Stadion Mashud Saputra. /Ajun Mahrudin/

GALURA-mieling Hari Lingkungan Sedunia, Dinas Lingkungan Hidup (DLH) Kabupaten Kuningan ngayakeun acara diantarana sisir sampah, pameran inovasi pengelolaan sampah jeung nukerkeun runtah, Ahad, (4/6/2023).


Acara sisir sampah ti semet Taman Kota nepika lapang Pandapa Paramartha. Ari pameran inovasi pengelolaan sampah jeung nukerkeun runtah mah lumangsung di Pandapa Paramartha. Sisir sampah teh enas-enasna mah mulungan runtah.


Tina hasil mulungan runtah di sapanjang jalan Siliwangi, rea oge nu ngahaja mawa runtah palastik jeung keretas ti imah, satuluyna ditukeurkeun kana barang-barang anu ges disaiakeun ku panitia. Nu matak mincut, runtah alastik jeung keretas bisa ditueurkeun kana logam mulia.

Baca Juga: Arya Permana Graha, Nuluykeun Lalakon Anu Katunda

 


Sajaba logam mulia, diantarana aya anu nukeurkeun runtah jenis anu sarua kana bahan kadaharan pop mie, endog hayam, beas, minyak goreng, daging hayam jeung produk sejenna anu disadiakeun ku pihak panitia.


Pikeun meunangkeun sakeping logam mulia anu beuranat 0, 02 gram warga kudu masrahkeun runtah anu beuratna 9 kilogram. Sedengkeun pikeun meunangkeun 1 kilogram beas warga nukeurkeun runtah 5-6 kilogram. Pikeun meunangkeu 1 liter minyak goreng warga nukeurkeun runtah 7-8 kilogram.


Runtah-runtah anu ditukeurkeun kasebut, aya anu dibawa ti imah, aya oge diantarana hasil mulungan di jalan di acara car free day.

Samemehna, diantara aya au mulungan heula runtah ti mimiti Taman Kota saudeuren Pandapa Paramartha.


Tina hasil nukeurkeun runtah ti warga, panitia hasil ngumpulkeun runtah palastik jeung keretas kurang leuwih 300 kilogram.

Diantarana runtah palastik urut wadah inuman cai kemasan botol jeung gelas. Sedengkeun jenis keretas nyaeta karton jeung kertas urut.

Kepala Dinas Lingkungan Hidup (DLH) Kabupaten Kuningan, Wawan Setiawan, nyebutkeun runtah jeung logam mulia katut barang-barang kabutuh poko atawa kabutuh rumah tangga eta pikeun ngahudang kasadaran masarakat sangkan henteu miceun runtah sagawayah.
Wawan nyebutkeun, DLH Kabupaten Kuningan, ngayakeun acara penukaran sampah plastik, pameran inovasi pengelolaan sampah jeung sisir sampah utamana mah pieun ngarojong masarakat paduli runtah.


Inyana ngaharepkeun, warga wijak dina ngokolakeun runtah jeung milah runtah di imah, pikeun dimangfaakeun ditukeurkeun jeung barang kabutuh rumah tangga atawa dijual, henteu dipiceun sambarang tempat.


“Ieu teh tarekah kanggo ngarojong masarakat leukeun milih sareng ngawilah-wilah runtah di bumina, dina raraga ngirangan runtah sareng ngamangfaatkeun kanggo nambah panghasilan kulawarga,” ceuk Wawan, ka Galura.


Bupati Kuningan, Acep Purnama, kacida ngabageakeun warga anu milu aub dina ngurangan runtah. Samalah ngolah runtah jadi barang anu luhung ajenna, kawas karajinan anu bahanna tina runtah palastik.

“Sim kuring kacida ngabageakeun aubna warga dina ngurangan runtah. Mudah-mudahan naon rupa tarekah anu dilakonan, tiasa ngahudang kasadaran masarakat paduli kana runtah,” ceuk Acep

Editor: Ajun Mahrudin

Tags

Terkini

Terpopuler