Ceuk Pranikno, Dina Taun 2024 Pangwangunan di Kabupaten Bandung Kudu Leuwih Punjul

6 Februari 2023, 21:00 WIB
Anggota Dewan Perwakilan Rakyat (DPRD) Kabupaten Bandung, Praniko Imam Sagita.* /SOPANDI/

GALURA- Anggota Dewan Perwakilan Rakyat (DPRD) Kabupaten Bandung, Praniko Imam Sagita, nyebutkeun dina   taun 2024 pangwangunan di Kabupaten Bandung kudu leuwih punjul.

"Kudu leuwih punjul, luyu  visi jeung misi Bedas,  kudu leuwih maliré  masarakat. Mere pangladen nu leuwih hade," ceuk Pranikno.

Baca Juga: Pamarentah Nyetop Sumebarna Ubar Nurunkeun Panas Merek Praxion, Cenah Ngalantarankeun Kasakit Ginjal Akut

Pranikno nembrakeun eta hal basa monitoring musyawarah perencanaan pembangunan (Musrenbang) tingkat  Kecamatan Bojongsoang, di eta kecamatan, Senén (6/2/2023). 

 Ceuk Pranikno, DPRD  ngarojong dina palebah dukungan panganggaran. Ngan tangtu perlu aya kasapaham  eksekutif," ceuk politisi Partai Gerindra teh.

 Baca Juga: Mahasiswa Uniku, Ngadeudeul Kamekaran Wisata Ngaliwatan Poster Jeung Video

Musrenbang téh ceuk Praniko, forum antarpalaku dina  raraga nyusun rencana pangwangunan   daerah jeung nasional. 

 

"Dikawitan ti  tingkat desa, lajeng dicandak ka tingkat kecamatan, lajeng engké ka tingkat kabupaten, provinsi sareng dipungkas  di tingkat nasional," ceuk Praniko. 

 Baca Juga: Imah Warga Kahuru di Kuningan, Duit Rp 60 Juta Henteu Kapuluk

Mekanisme tahapan ieu cenah  kudu diliwatan, sabab amanat ti perundang-undangan. UU nomer 25 taun 2024 ngeunaan penyusunan perencanaan daerah.

 

Ditétélakeun  Praniko, liwati Musrenbang tingkat kecamatan ieu dipiharep masarakat nu boga gagasan pangwanguna  nu can  senpet katepikeun ka kepala desa  sangkan ditepikeun  gagasan éta di Musrenbang ieu. 

 

Praniko miharep, Musrenbang  Kecamatan Bojongsoang bisa ngahsilkeun usulan pangwangunan nu berkualitas demi lumangsungna pangwanguan  di Kabupaten Bandung.

 

Sajaba Praniko Imam Sagita, hadir ogé séjénna, Irwan Abubakar, Riki Ganesa katut Juwita SM. 

 

Anggota DPRD Kabupaten Bandung Praniko Imam Sagita. (SOPANDI/ Galura Pikiran Rakyat.com). 

 

Editor: Ajun Mahrudin

Tags

Terkini

Terpopuler