Kasus AKI di Jawa Barat matak Pikangeneseun, dr. Nina Susana Déwi: “Ku Program KBPP, AKI tiasa Kaungkulan!”

17 Januari 2023, 23:34 WIB
Closing out Program KBPP (Keluarga Berencana Pasca Persalinan) “Pilihanku”, di Aula Barat Gedung Saté, Kota Bandung, diiluan ku 150 pamilon sa-Jabar. /REA/KBPP

GALURA - Kepala Dinas Keséhatan Provinsi Jawa Barat, dr. Nina Susana Déwi, nyebutkeun, kasus maotna indung atawa angka kematian ibu (AKI) di Jawa Barat, jumlahna mungguh matak pikangeneseun.

Tina sarébu indung nu ngalahirkeun, cenah, 147 di antarana maot.

“Seuseurna, éta téh balukar tina elatna didiagnosa, elat dirujuk atanapi ditindak, sareng pendarahan dina waktos ngalahirkeun,” ceuk Nina Susana Déwi.

Malah ceuk Nina, AKI di Jawa Barat téh masih jauh di luhureun rata-rata nasional.

Baca Juga: Pisah Sambut Camat Kutawaringin, Asep Ruswandi: Ditugaskeun di Mana waé Siap

Éta kekecapan Nina téh ditepikeun dina acara closing out Program KBPP (Keluarga Berencana Pasca Persalinan) “Pilihanku”, anyar-anyar ieu, di Aula Barat Gedung Saté, Kota Bandung, anu diiluan ku henteu kurang ti 150 peserta jeung ondangan.

Nina ngabagéakeun pisan ku ayana éta kagiatan anu mangrupa rukun gawé pamaréntah pusat jeung Jhpiego (minangka organisasi kaséhatan nonprofit internasional), dina neken angka kematian ibu (AKI) liwat Kementerian Keséhatan.

Cohagna, ceuk Nina, pikeun neken AKI téh salasahijina liwat Program Keluarga Berencana Pasca Persalinan (KBPP), cenah.

Baca Juga: Matak Reueus, Payung Geulis Tasikmalaya Jadi Pamilon Hiji Festival di Thailand, Ngawakilan Indonesia

Nina miharep, éta kagiatan anu ngabaud pamilon ti sakuliah Jawa Barat téh bisa ngungkulan nguranganana AKI, hususna di Kota Bandung, Kabupatén Karawang, jeung Kabupatén Bogor, anu jumlah pendudukna kawilang luhurna.

“Sim kuring kalintang ngarojong kana ieu proyek, margi pangaruhna kalintang luar biasa kanggo penurunan angka kematian ibu sareng stunting,” ceuk Nina deui.

Nina nyontokeun, di Karawang, ku ayana kagiatan saperti kitu dina taun 2021-2022, bisa nurunkeun angka kematian, kaasup stunting.

“Mugi kabupatén sareng kota sanésna ogé tiasa kitu. Insyaalloh urang gedé harepan tiasa nurunkeunana, sanaos henteu drastis tapi lumangsung dugi ka targét tiasa kahontal,” pokna deui.

Baca Juga: Chord jeung Lirik Lagu 'Inget ka Mantan', Ciptaan Wagista, Populerna Nepi ka Mancanagara

Dina kagiatan nu éta kénéh, Diréktur Penelitian dan Évaluasi Jhpiego, dr. Siti Nurul Qomariyah, nerangkeun, pihakna boga tarékah pikeun ngabantu pamaréntah dina nguatan Keluarga Berencana Pasca Persalinan (KBPP) di Jawa Barat.

Pangna kitu, ceuk Siti Nurul Qomariyah, lantaran éta téh jadi salasahiji faktor nu ngabalukarkeun kematian ibu. Liwat pelatihan ka patugas kaséhatan dina peningkatan pelayanan, cenah, dipiharep bisa neken jumlah kematian.

Dina seuhseuhanana, éta kagiatan closing out Program KBPP téh midangkeun baragem acara tepi ka henteu karasa seremonialna.

Baca Juga: Jaroh ka Situs Karamat Sunan Pada di Karedok Jatigede

Iwal dieusi ku acara formal kayaning ucapan pangbagéa (sambutan), dina runtuyan éta kagiatan gé aya acara nyerahkeun plakat-dokumén katut talkshow sharing best practice pangalaman program ti Kota Bandung, Kabupatén Karawang, jeung Kabupatén Bogor.

Hal anu matak mincut para pamilon, nyaéta ku dipidangkeunana pintonan drama musikal “Bulan di Sangkar Fajar” ti Téater Sénapati (SMA Pasundan 3 Bandung) binaan Rosyid ÉA jeung Dadan Ramdani, kalayan naskah/sutradara Dado Tisna.

Éta pintonan drama musikal téh midangkeun carita jeung fakta sabudeureun maotna hiji indung jeung orokna (maternal-neonatal) anu masih kénéh remen kapanggih atawa kajadian dina kahirupan sapopoé.

Paling copél, éta pintonan drama anu musikna digarap ku Farhan Fadilah téh jadi eunteung pikeun urang, ogé pikeun nu nangtukeun kawijakan.***

Baca Juga: Di Kuningan, Zakat Fitrah Ramadhan 1444 H Rp 30 Rebu

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler